Kamis, Mei 29, 2008

tapi da uing mah cinta damai...

Heuheu...
ahirna, tadi latihan aikido deui sanggeus sataun satengah henteu. niat mah geus ti baheula rek latihan deui teh, ngan diengke-engke wae. jadi weh... sataun satengah tah kaliwat gara-gara nu kitu patut teh.
bieu mah bubuhan maksakeun, indit gawe ngahaja bari mekel baju latihan. mun teu kitu mah moal jadi-jadi meureun. pleng weh... teuing iraha bakal latihan deuina teh. sugan weh, ari geus dimimitian mah kahareupna bakalan mayeng.
meni asa sono, ngabanting jelema jeung dibanting jelema (hehehe... asa jadi masokis kieu). seriously... all you have to do is just following the flow of your motion and blend with the motion of your partner. such a nice fall.. (nyaan.. masokis ieu mah.. hehehe). sanajan isuk-isuk engke pasti nyareri awak, gara-gara geus lila teuing teu latihan.

mun ditempo deui ka tukang, asa jadi oportunis pisan di olahraga nu kararieu teh. geura nya, smp ngiluan ekskul taekwondo di smp 5 (nu di jalan sumatera 40 tea ning...). pas sma (ieu mah di cihampelas 173, nu aya tangkal karet badag..), ngiluan wushu di ggm nu di jl. merdeka. asup kuliah, sempet latihan keneh sababaraha kali. nepi ka tara latihan deui.. nu terahir teh aikido, lumayan ti taun 2005 eta mah. sempet eureun sataun satengah, tapi rek dimimitian deui. sugan we ayeuna mah bisa nepi ka jucung. minimal bisa latihan bari make hakama lah. heu...

lain teu hayang diajar sabangsaning cimande, cikalong, jeung sajabana. ngan ari nu kangaranan ulin atawa usik mah, mun urang geus nepi kana hiji tingkatan elmu, sok aya we sarat nu kudu dicumponan teh meh elmuna bisa kataekan ku urang. nya, pangpangna mah eta tea, mun ceuk kolot mah, moal bisa katurunkeun elmu teh lamun lain jodona mah. saruana jeung batu ali.
aya nu pernah ngabejaan, cenah di daerah ciroyom aya guru usik nu bener-bener weduk kana elmuna teh. kabita harita teh, rek didatangan hayang diajar. ngan pas ngadenge kudu puasa mutih heula saacan guguru, ah... kajeun bedo weh.. mening nu puguh-puguh olahraga, sanajan beresna nyareri awak ge... (curiga beneran boga potensi masokis...). terus ngadenge pangalaman emang urang pas baheula diajar cimande.. nya kitu tea.. teu jauh tina hal-hal nu gararaib.
sabenerna mah teu kabeh kitu meureun... teu nyaho da can pernah ngalaman diajar. aeh... pernah ketang basa sd.. ngan berahir dengan kenangan buruk... gara-gara sanggeus latihan si guru na teh mere kertas nu eusina aksara arab. merena teh ka uing wungkul deuih, bari ngomong, "ieu dipapatkeun saacan urang neunggeul jelema pas gelut. dijamin, sakali ge langsung nambru." tapi aya buntutan kalimahna teh, "bacaan ieu teh kudu dibaca unggal poe jumaah 100x, terus pas poean wedal urang dibacana 1000x." sangeuk teuing... balikna langsung dipiceun we si kertas teh, jeung tara datang latihan deui. sigana gara-gara eta oge trauma embung diajar usik deui teh.. sanajan nu bener-bener ngolah awak jeung napas wungkul ge aya, da geus kaburu hoream tiheula.

ah... sudah lah...
ayeuna mah latihan deui we nu bener, meh awak teu beuki melar deui. heuheuheu....

hai dozo..

1 komentar:

Rusmawan Suwarman mengatakan...

pirage 100 x, sautik atuh...
moal setengah jam acan,
coba mun ngilu aikido, taekondo... cape dong kita

waktu keur ngaroko mana, nyimeng mana?