Kamis, Januari 10, 2008

Naha?

Naha make jeung nyieun blog dina Basa Sunda? Kitu meureun nu aya pikiran nu muka blog ieu. Eh, ketang…. Boa enya boa henteu. Eta mah nu kabayang ku kuring mun muka blog batur nu make Basa Sunda oge. Minculak ti batur. Tapi da barina ge lain blog ieu wungkul nu make Basa Sunda teh.. meureun.. hehehe…. Boa loba pisan blog dina Basa Sunda teh, ngan hanjakal teu apal..

Balik deui kana naha.. nya da sabenerna mah pedah bahasa nu mimiti dipikawanoh ku kuring nya Basa Sunda eta. Ti leuleutik geus dibiasakeun make Basa Sunda, nepi ka mun make Bahasa Indonesia ge angger we sok aya Basa Sundaan nyelap saeutik. Kitu wungkul da. Henteu ari nepi ka boga pipikiran haying ngamumule Basa Sunda, pedah ceuk cenah Basa Sunda teh kaasup bahasa nu bakal leungit ti dunya ieu teuing taun sabaraha. Nya, aya sih saeutik pikiran ka dinya. Saeutik.. hehe. Rumasa da beuki kadieu teh Basa Sunda nu dipake ku sadirieun beuki jauh tina tetekon nu samistina. Boa lain ngamumule, tapi malah ngaruksak basa. Nu matak ateul ceuli ka kaom pinisepuh jeung ahli basa. Ah keun lah… Barina ge siga ceuk slogan pagelaran ka-1 LSS ITB, Kami lain rek nyanyahoanan, kami mah ngan saukur boga kahayang.

Ayeuna naha blog ieu bet dingaranan angobbabalagonjangan? Angob teh sarua jeung heuay. Ari babalagonjangan teh ceuk kamus Basa Sunda kenging R. Satjadibrata hartina nyoba-nyoba nanyakeun perkara penting, nyoba-nyoba nawar. Nya kitu deui blog ieu. Ari kahayang mah blog ieu teh jadi hiji babalagonjangan ti kuring kana sagala perkara sanajan bari heuay. Perbawa nu geus tunduh biasana sok sabulangbentor ari nyarita. Perkara rek ditarima nya sukur… teu ditarima nya kajeun. Da urang boga pamikiran sewang-sewangan, kumaha kasang tukang urang oge gumantung kana cara nempo hiji masalah. Hadah.. jadi seurieus kieu. Hampura… can waktuna.. heuheuheu.. Tadina mah si blog ieu teh rek dingaranan sabulang bentor, da asa leuwih merenah. Tapi geus aya nu make, sanajan bari kosong keneh can dieusian nanaon. Ning perkara mere ngaran blog wae ge kudu paheula-heula, sugan teh ngan daptar jadi pengawas ujian jeung nyatakeun wungkul nu paheula-heula teh. Curigana mah loba keneh nu kudu paheula-heula salila urang hirup teh…