Sabtu, Mei 31, 2008

memang Homo Ludens...

kakara beres nginstall company of heroes: opposing fronts...
maenya nginstallna wungkul ge nepi ka 4 jam??
bantu aing, nang...
rek maen ge geus kaburu tunduh manten. geus tatadi sih tunduhna mah, ngan kagok nginstallna teu beres-beres.
bieu kaburu noong heula sakeudeung tampilanna..
memang edun lah... aya pengembangan ti nu kahiji mah. ngan jadina rada beurat kana kompie na.

okeh...
review gim na engke we lah...
mun geus dipaenkeun.
heuheu...

Kamis, Mei 29, 2008

tapi da uing mah cinta damai...

Heuheu...
ahirna, tadi latihan aikido deui sanggeus sataun satengah henteu. niat mah geus ti baheula rek latihan deui teh, ngan diengke-engke wae. jadi weh... sataun satengah tah kaliwat gara-gara nu kitu patut teh.
bieu mah bubuhan maksakeun, indit gawe ngahaja bari mekel baju latihan. mun teu kitu mah moal jadi-jadi meureun. pleng weh... teuing iraha bakal latihan deuina teh. sugan weh, ari geus dimimitian mah kahareupna bakalan mayeng.
meni asa sono, ngabanting jelema jeung dibanting jelema (hehehe... asa jadi masokis kieu). seriously... all you have to do is just following the flow of your motion and blend with the motion of your partner. such a nice fall.. (nyaan.. masokis ieu mah.. hehehe). sanajan isuk-isuk engke pasti nyareri awak, gara-gara geus lila teuing teu latihan.

mun ditempo deui ka tukang, asa jadi oportunis pisan di olahraga nu kararieu teh. geura nya, smp ngiluan ekskul taekwondo di smp 5 (nu di jalan sumatera 40 tea ning...). pas sma (ieu mah di cihampelas 173, nu aya tangkal karet badag..), ngiluan wushu di ggm nu di jl. merdeka. asup kuliah, sempet latihan keneh sababaraha kali. nepi ka tara latihan deui.. nu terahir teh aikido, lumayan ti taun 2005 eta mah. sempet eureun sataun satengah, tapi rek dimimitian deui. sugan we ayeuna mah bisa nepi ka jucung. minimal bisa latihan bari make hakama lah. heu...

lain teu hayang diajar sabangsaning cimande, cikalong, jeung sajabana. ngan ari nu kangaranan ulin atawa usik mah, mun urang geus nepi kana hiji tingkatan elmu, sok aya we sarat nu kudu dicumponan teh meh elmuna bisa kataekan ku urang. nya, pangpangna mah eta tea, mun ceuk kolot mah, moal bisa katurunkeun elmu teh lamun lain jodona mah. saruana jeung batu ali.
aya nu pernah ngabejaan, cenah di daerah ciroyom aya guru usik nu bener-bener weduk kana elmuna teh. kabita harita teh, rek didatangan hayang diajar. ngan pas ngadenge kudu puasa mutih heula saacan guguru, ah... kajeun bedo weh.. mening nu puguh-puguh olahraga, sanajan beresna nyareri awak ge... (curiga beneran boga potensi masokis...). terus ngadenge pangalaman emang urang pas baheula diajar cimande.. nya kitu tea.. teu jauh tina hal-hal nu gararaib.
sabenerna mah teu kabeh kitu meureun... teu nyaho da can pernah ngalaman diajar. aeh... pernah ketang basa sd.. ngan berahir dengan kenangan buruk... gara-gara sanggeus latihan si guru na teh mere kertas nu eusina aksara arab. merena teh ka uing wungkul deuih, bari ngomong, "ieu dipapatkeun saacan urang neunggeul jelema pas gelut. dijamin, sakali ge langsung nambru." tapi aya buntutan kalimahna teh, "bacaan ieu teh kudu dibaca unggal poe jumaah 100x, terus pas poean wedal urang dibacana 1000x." sangeuk teuing... balikna langsung dipiceun we si kertas teh, jeung tara datang latihan deui. sigana gara-gara eta oge trauma embung diajar usik deui teh.. sanajan nu bener-bener ngolah awak jeung napas wungkul ge aya, da geus kaburu hoream tiheula.

ah... sudah lah...
ayeuna mah latihan deui we nu bener, meh awak teu beuki melar deui. heuheuheu....

hai dozo..

Selasa, Mei 27, 2008

For Your Eyes Only

mun teu rohto,
nya insto,
atawa boorwater..

hadah...

Senin, Mei 26, 2008

sd.. oh sd...

Poe minggu kamari teh asa rareuwas. aya tamu nu teu disangka-sangka datang ka imah. babaturan sd. teu kudu disebutkeun harita teh can mandi da teu penting eta mah. hehe...
kuduna mah teu kudu reuwas meureun. tapi da terahir kadatangan babaturan sd ka imah teh basa smp. kelas 1 eta ge. eh ketang... henteu oge sih. sempet aya nu datang ka imah, tapi ngan ngadon nanyakeun tukang airbrush nu di deukeut imah. damn, sugan teh aya naon...

mun dipikir-pikir deui, ti kelulusan sd nepi ka ayeuna teh geus 18 taun. heuheu.. teuing tah beungeut babaturan sd teh siga kumaha ayeuna. kamari ge kalinglap pisan. mun teu nyebutkeun ngaran mah waktu teh beak dipake nginget-nginget saha tamu nu datang teh. heuheuheu..

jadi aringet deui we kajadian basa sd teh. gelut mimiti (jeung sakali-kalina eta ge ketang, gelut deui teh sanggeus make jaket ijo hms, pas wisudaan...), resep ka awewe mimiti (heu...), dipalak mimiti (hadah..), loba lah... ngan keur uing mah asa loba pohona pangalaman pas sd teh tibatan ingetna.

aeh, ketang... lain pas jaman sd wungkul loba pohona teh. pas smp ge loba nu kapohokeun ayeuna teh. nu rada loba teh memori pas sma we... heuheuheu.. memang kitu nya? atawa batur mah henteu?

nu pangingetna kajadian basa sd teh basa ka ulang taun babaturan di cijerah. datang teh panggancangna, can aya sasaha. ah, bari nungguan nu lain geus we ka imah babaturan hiji deui di pharmindo. rek ngajakan indit bareng tadina mah. datang ka ditu, manehna can mandi. bari nungguan mandi, maen nintendo heula. beres mandi, ai pek teh, babaturan nu di pharmindo teh teu meunangeun indit ku indungna. ari uing, kagok keur resep, terus we maen nepi ka sore. ka ulang taun babaturan uing mah teu jadi. padahal geus datang pangheulana ka imahna teh. heuheuheu... dasar...

Kamis, Mei 22, 2008

Nyem... nyem..

Ngantor keneh wayah kieu, brur...
wew...

komputer hurung, tapi panon mah kana final champion.
heu...

hayang sare, tapi pikiran mah kumalayang ka anjeun.
yauw...

yu ah, kabur heula ka lss.
hahaha...

Selasa, Mei 20, 2008

Cozy...

IHHII..RR..., PRIKITIW.., HURSEE..H, CIHUY.., dll, dll...

kamari meunang beja ti neng viky (adi ipar urang btw...), tanggal 7 Juni 2008 bakalan aya deui Paparan Musikal Cozy Street Corner di Saung Udjo.
hehehe.. poho.. can arapal meureun nya ka cozy street corner.
jadi kieu...

sabenerna mah da teu kahaja bisa ngawenehan musik cozy street corner teh. baheula (teu baheula2 teuing sih... taun 2002 an lah) basa jalan-jalan ka toko kaset di gigireun foto seruni di jl. merdeka (terahir ngaliwat mah, geus jadi toko busana muslimah di dinya teh..), biasa harita teh keur hunting kaset. teu kahaja, pas di bagian kaset indonesia aya kaset nu warna latar coverna teh beureum, terus hareupna gambar bentuk-bentuk dasar warna-warni. di luhurna aya tulisan cozy street corner, terus di bagean handapna aya tulisan nirmana.
panasaran, harita teh dibeuli weh si kaset teh. hehehe, da kabeneran harita keur resep gambling meulian kaset band indonesia nu teu warawuh, sugan weh ngeunaheun.. nya, aya nu emang ngeunaheun, aya nu kakara ngadenge intro lagu kahijina wae ge geus kaburu enek.. heuheuheu.. gara-gara teu bisa didengekeun saacan dibeuli ta teh. dasar toko kaset kapitalis...
nepi ka imah, langsung disetel... jreng!! ti harita langsung kaset eta ditempatkeun dina list 'a must have' ka babaturan-babaturan nu lain (geus manggihan kaset eta, rus?). pokona mah harmonisasi gitar jeung vokal ti 3 personil na masup pisan lah... ternyata, si nirmana teh album kadua ti maranehna. neang album kahijina, teu manggih-manggih di mamana. neang ka internet, ngan dijual di jakarta ternyata. damn...

Nepi ka ahirna aya Paparan Musikal Cozy Street Corner taun 2005 di Selasar Sunaryo (eta ge dibejaan ku neng Viky, bari sakalian dibere tiketna heuheuehue..) nu diayakeun ku wwf jeung official radio partner sky fm, tempat neng viky digawe. eta paparan musikal nu pertama jeung terahir nu katongton. jeung ahirna bisa meunang album kahiji teh pas di dinya oge. ahirna...
di dinya kakara apal, lagu 'hutan hujan' jadi official song WWF Indonesia. wew... tapi angger, lagu favorit ti album nirmana mah 'delman', jeung 'hmm... jelang benam matahari'.

ti harita, pleng weh... euweuh berita rek maen deui di bandung. nepi ka pas pasar seni itb, nempo daftar band nu bakalan manggungna, aya cozy... kudu nongton deui... ternyata, pas maen di pasar seni itb, keur teu bisa datang... damn lagi...
mudah-mudahan tgl 7 juni keur di bandung, sugan dibere kasempetan keur nongton. sono nempo paparan musikal na, soalna leuwih karasa pas live tibatan kaset na mah..
aya nu rek nongton bareng??

bisi panasaran, sababaraha lagu tina album nu terahir 'from the corner', bisa didengekeun di dieu.

Jumat, Mei 16, 2008

Turun Gunung

geus euweuh deui rasa kaduhung,
geus diecagkeun sagala katugenah,
mapay jalan nu kamari diliwatan
matak nineung.


to climb a mountain is to conquer ourselves..
got alot to learn.

Senin, Mei 12, 2008

Pegawai Teladan..

Damn...
Piraku wayah kieu di kantor keneh??

yasud... nga-blog saja lah..
heuheuheu...

Di Pos 3...

Peralatan... OK!
Persiapan... hmmm...OK lah!
Ransum... OK!
Berangkat. nepi di pos pendaftaran pendakian, ngabereskeun administrasi... OK!
Perjalanan naek ka puncak, lancar. cuaca cerah... OK!
Di Pos 2, angin mimiti ngagelebug tarik. langit ceudeum... oh.. okay...
Di Pos 3, hujan badag. istirahat heula di shelter pos 3... oh.. okay...
Pas rek berangkat ti pos 3, ternyata disambut ku badai. teu mungkin pendakian dilanjutkan. hmmm...

tilu pilihan.
maksakeun naek ka puncak harita keneh, turun deui ti pos 3, atawa nungguan badai mereda(badai pasti berlalu... hadah!) kakara nuluykeun deui ka puncak.

maksakeun naek langsung ka puncak, sigana moal pibenereun. teu nyaho kondisi alam siga kumaha, salah-salah ngadon urang nu cilaka. jeung teu pati apal deuih rute pendakianna, komo pas aya badai mah. keur mah bieu ceuk penjaga teh gunungna kakara dibuka keur pendakian deui saenggeus kamari-kamari badai wae. ngan pedah geus sababaraha poe rada caang jeung deuih waktuna pas jeung waktu uing datang. jadi we dicobaan dibuka deui . wah.. mun cilaka ayeuna gara-gara badai, paurna ke si gunung teh ditutup deui. teuing nepi iraha. uing embung mun nepi ka kitu kajadianna. aya rasa handeueul saeutik, naha teu tatanya. minimal nyiapkeun peta jeung kompas lah. rumasa, rada rusuh pas deuk indit teh. geus teu sabar hayang geura nepi ka nu dituju. jadi poho ka motto uncal : terekel santey; kalem weh... da puncak mah moal ka mamana ieuh; salengkah luak-lieuk, nikmati pemandangan jeung perjalanan; heuheuheu... loba ning motto na teh..

turun deui ti pos 3, eta nu paling aman. ransum cukup keneh, geus nepi ka handap mah kari neangan deui gunung nu keur teu diterpa badai. kabeneran aya sababaraha gunung nu deukeut dinya teh, jeung cenah mah pemandangan ti puncakna leuwih alus. tapi masalahna mah, geus kaburu resep ku pemandangan salila di jalan jeung jalur pendakian di gunung ieu teh. asa endah, matak tiis tetempoan, matak tingtrim hate. bisi ke matak jadi penyesalan seumur hidup, can tangtu meunang kasempetan deui pikeun ka dinya. ari jalur pendakian, alus pas di handap mah. mulus, siga nu dihotmix wae (heu.. euweuh gawe ngahotmix gunung..). di tengah jalan weh, pas leupas ti pos 2 mimiti rada beurat jalur teh. kudu ngarayap, ngaliwatan tangkal rugrug nu malang ka jalan... sigana mah ti pos 3 ka puncak teh jalurna bakalan leuwih beurat deui. komo bari jeung keur badai siga kieu. moal bisa diliwatan sigana mah.

nungguan badai berlalu kakara nuluykeun perjalanan, rek nepikeun ka iraha? ari niat ti handap mah hayang jeung kudu nepi ka puncak. geus kabayang endahna sunrise ti puncak, awan nu aya di handapeun urang.. pokona mah.. prikitiw lah.. anjroo..y ceuk barudak baheula mah. ngan nu jadi masalah teh cuaca mah teu bisa diprediksi, badai teh bisa lila bisa oge gancang. sukur mun gancang, pas keur kabagean nu lila? mangkaning kawates ku ransum. moal mungkin ditungguan saeureunna mun badaina lila teh. sanggeus diitung-itung, perkiraan mah si ransum teh cukup keur 2 poeeun mah, eta teh teu kaasup cadangan rangsum keur turun. ah.. rek ditungguan we heula nepi ka beak ransum. da ngan saukur bisa ngadoa badaina bisa eureun saacan si ransum beak. geus lah.. ayeuna mah nungguan we di jero tenda. cilaka mun sering-sering teuing ngecek cuaca di luar, bisa-bisa kabaseuhan. dicobaan nolol saeutik rek nempo kaluar teh, jadina malah kasebrot ku cihujan. heuheuheu... ya sudah lah.. geus eureun badaina mah kanyahoan meureun ti jero tenda ge. kari nungguan we, mun geus ditakdirkeun nepi ka puncak mah si badai ge bakalan eureun sorangan.

well, i've made up my mind.. all i can do now is pray.

Minggu, Mei 11, 2008

hirup.. hurip..

Ulah hariwang ku nu can kasorang,
tong kaduhung ku nu tos kalangkung.

just a reminder for myself

Rabu, Mei 07, 2008

PR (meh sarua judulna.. hehehe..)

Beunang euy... Kasenteg ku anggun, kudu nuliskeun 8 fakta ngeunaan diri pribadi. Teu nanaon lah, urang tuliskeun we (tadina rek nulis urang cobaan, tapi teu bisa, gara2 postingan saacanna. hehehe)

8 Fakta ngeunaan Ihsan Naufan :
1. 162 cm (dina SIM)/ 60 kg
2. teu bisa gondrong (mun gondrong buukna siga singa..)
3. pecinta kopi aroma jenis arabika (mocca, toraja, aceh, jawa, ntt, dsb. asal arabika.)
4. selalu pake calana bermuda mun di imah.
5. panon -3.25 silindris - 0.5
6. boga koleksi kaset 256 siki jeung cd 151 keping. hasil kukumpul salila 12 taun. nu cd mah lolobana bajakan, meuli di kota kembang. hahahaha... mun nu kaset mah original kabeh.
7. keur hayang pisan meuli laptop jeung kamera nikon d-70 atawa canon eos d-450.
8. single!!! hahahahaha... sakalian promosi...

beres tah ngun...

Selasa, Mei 06, 2008

Nyeri Hate? Nyeri Huntu?

Mun ceuk Meggy Z mah mening nyeri huntu tibatan nyeri hate, ceuk uing mah mening keneh nyeri hate. Naha? Ah, hayang we atuh. Mun ditanya alesanna mah kieu yeuh..

Nyeri hate

Gejala: teu puguh rarasaan, jol ambek mun nempo jelema nu nyababkeun urang nyeri hate, teu ngeunah dahar, teu ngeunah sare, hate karasa nyanyautan (hadah!), pikiran teu bisa fokus, hayangna teh curhat ka sasaha, jrrd.

Penyebab: teu singkron antara pangharepan urang ka hiji jalma jeung sikap nu ditembongkeun ku manehna.

Ubar : pasrah, berserah diri ka nu Maha Kawasa.

Nyeri huntu

Gejala : gugusi karasa nyanyautan, teu ngeunah dahar, pikiran teu bisa fokus, ambek-ambekan sorangan.

Penyebab: huntu bolong, gigi bungsu nu tumbuh tak sempurna.

Ubar: nginum ubar, ka dokter (ditambal nu bolongna), cabut gigi bungsu

Tuh nya.. jaman ayeuna tea biaya ka dokter teh geus sabaraha. Acan mun gigi bungsu kudu dicabut. Kamari wae ge operasi minor keur nyabut gigi bungsu teh beak nepi ka 1.2 juta. Can keur ubarna, can keur meuli eskrim meh rada baal si urut operasina (heheh.. eta mah alesan wungkul, da sabenerna mah keur hayang eskrim we harita teh). Acan penderitaan disuntik 5 kali saacan dioperasina. Tambah 2 kali deui pas operasi, da karasa keneh rada nyeri.(Haduh!). Acan sanggeus baalna leungit, karasa pisan nyeri urut operasi teh.

Nggeus lah,. pokona mah mening nyeri hate tibatan nyeri huntu mah. Ubarna ge bisa meunang bonus pahala deuih. Soalna ayeuna mah nu aya na pikiran uing, kumaha carana supaya nyeri huntu nu karasa ayeuna teh bisa ngaleungit. Haduuu..h...

Sabtu, Mei 03, 2008

Westing Taim...

Keur di Barcode...
westing taim..
siga malam mingu-malam mingu saacan ieu.

Senandung Rindu

Tohpati feat Putu Sutha

Aku bernyanyi di dalam hati
Senandung rindu, kepadamu.. pujaanku
Bilakah nanti kau kan mengerti
Maksud hatiku untuk saling memiliki

Aku ingin... rasa indah kan hadir untukku
Meluluhkan mimpi-mimpi
Tak berhenti jiwa ini menanti dirimu
Berjanji setia padamu dalam setiap detikku

Tuhan tolonglah... buka hatinya
Agar kudapat... bahagia bersamanya
Tak kuingkari dia tlah sendiri
Tapi ku tau apa yang tlah dia rasakan


Lagu geus dimodifikasi saeutik meh rada masup...
Heuheuheu..

Jumat, Mei 02, 2008

Bantu aing, Nang...

Ahirna… ka tangerang deui sanggeus ditunda sababaraha minggu. Biasa lah, urusan pagawean nu can beres. Saminggu di tangerang lumayan lah, nambahan hideung nu jelas mah. Untungna nu ayeuna mah euweuh kajadian nu matak bibirigidan. Teu jiga pangalaman basa munggaran datang ka Tangerang.

Jeung deuih, kajadianna teh dina waktu sapoeeun. Piisukeun kuring balik ka Bandung. Niatna mah harita teh rek ka muara Kali Tahang make motor. Rek nempo kondisi muara jeung walunganna sakalian. Tah, ka muara teh aya dua jalan nu ngapit si walunganna. Ti jalan gede ka muara teh kudu mapay-mapay walungan eta. Ku sabab aya dua jalan, harita teh kuring milih jalan nu perenahna di beh kencaeun walungan, sabab kacirina si jalan eta leuwih alus tibatan jalan nu beh katuhueun walungan. Ternyata oh ternyata… jalan alus teh ngan ukur sakiloan lah, ka dituna teh leutak wungkul jeung rada bau deuih. Harita mimiti curiga, naha make jeung aya urut ban nu make belt siga roda tengwaja tea ning. Tapi da geus kagok asong, dituluykeun weh bari jeung berjuang milih pijalaneun meh motor teu tibelesek kana leutak.

Beuki lila si leutak teh beuki minuhan jalan. Nu tadina ngan saukur di tengah jalan, ayeuna mah jalan teh leutak wungkul. Jeung beuki kandel deuih. Nu leuwih parah deui, si leutak teh beuki bau runtah. Mimiti curiga harita teh… sajajalan kapaksa tetempoan diancokeun ka jajalaneun, da kudu milihan jalan tea. Pas kaambeu harita aya melenghir bau runtah, kuring ngeureunkeun motor heula tuluy nempo ka hareup. JRENG… ai pek teh si jalan nu dipilih bieu jalan keur treuk nu ngakutan runtah ka tempat penampungan runtah. Kenca katuhueun jalan teh gunung runtah nu jangkungna kira-kira 5 meteran. Di tengahna jalan leutak nu caina tina gunung runtah eta. Mun maksakeun ngaliwat ka dinya, daek teu daek si motor pasti ngabelesek. Suku pasti kudu nahan, hartina si suku kudu bebelesekan kana leutak runtah eta. SANJII..K,

Rek balik deui ka jalan nu bieu, geus kagok. Ka panto kaluar ti penampungan runtah teh kari 200 meteran deui. Mun balik deui, keur mah euweuh lolongkrang keur muterkeun motor (da geus ngabelesek tea) katurug-turug harita teh geus ceudeum. Paur kaburu hujan mun muter deui teh. Nya nggeus harita the lahaola weh, si motor teh dipajukeun. Bener weh, kakara ge sababaraha meter, si motor geus hese maju. Kudu dibantuan make suku meh maju. Kapaksa harita si suku dikorbankeun meh motor bisa maju deui. Alhamdulillah, tungtungna mah kaluar oge ti tempat eta. Jalan kaluarna teh nyambung jeung jalan nu butut nu beh katuhueun jalan eta ning. Haduh, salah milih jalan..

Kaluar ti tempat runtah bieu, kuring langsung ka walungan rek ngumbah suku nu geus bobolokot pinuh ku leutak runtah. Sanajan cai walungan eta ge geus teu mangrupa, kapaksa kuring kukumbah di dinya. Rek kumaha deui coba? Sanggeus bebersih, tuluy kuring nuluykeun maju deui nuju muara Kali Tahang eta bari mapay-mapay Kali tahang. Ai pek teh, teu sabaraha jauh ti tempat kuring ngumbah suku, ngajajar bangunan-bangunan di sisi walungan eta. Teg, asa teu ngeunah hate, Bener we, ti salah sahiji bangunan eta jol aya nu nyeuleungkeung sora awewe, “Bang, mampir dong,”, SANJII..K, lokalisasi (eufimisme tina tempat palacuran), Bantu aing Nang…

Haduh… poe eta mah asa teungteuingeun,

Kamis, Mei 01, 2008

aya nu apal?

Jol Kaingetan lagu nu lirikna kieu

Why don't you tell me where it hurts now baby
and I'll do my best to make it better

aya nu apal judul jeung penyanyina?

May The Force be With You

Bieu pas kaluar ti kamar, tuluy nongton tipi, pas pisan keur adegan Master Yoda mapatahan ka si Luke Skywalker basa rek ngangkat kapalna nu tilelep ka jero ranca make The Force.

“Try not! Do! … or do not! There is no try.”

Asa balik deui ka jaman mimiti nongton Star Wars V. Adegan ieu geus direwind sabaraha kali mah. Asa resep ngadengena. “Tong nyobaan! Pigawe! … atawa henteu sakalian. Euweuh ti dituna nyobaan mah.” Edan teu tah omongan si Master Yoda teh. Jero pisan…

Nya mun ceuk urang mah intina teh tong satengah-satengah dina ngalakonan hiji hal. Mun urang geus yakin kana hiji hal, pigawe urusan eta. Ulah mikiran kumaha hasilna, da urang mah ngan saukur bisa usaha wungkul. Nu nangtukeun hasilna mah anging Allah SWT, kabeh ge geus pada nyaho. Mun urang ngan saukur nyobaan, hartina urang ngagawekeunna ngan satengah hate. Dina hasilna oge, tangtu moal nyugemakeun. Jadi, lamun ceuk Eddie Brickell "Shooting rubberband at the moon", hartina si karet geulangna kudu sagede alaihim, dicantelkeun kana tangkal nu leuwih alaihim deui, dibetotna make dozer nu leuwih alaihim ti dinya. Kakara tah, aya harepan si karet geulang teh bakal nepi ka bulan. Tapi mun hayang nu leuwih gampang mah, si karet geulang teh cepretkeun ka jero kapal nu rek ka bulan. Dijamin...

Ngan nu leuwih penting ceuk kuring mah kayakinan saacan urang nyokot putusan yen ieu kudu dipigawe. Jeung mana nu kudu leuwih diheulakeun. Da hirup mah ngeunaan pilihan-pilihan jeung ngajalanan pilihan eta. Seriously!!

Alusna ieu mah

Mun diitung-itung ti postingan nu terahir, geus moal kaitung mun ngitungna make ukuran menit. Kaitung sih, ngan hoream kuring mah ngitungna. Mun aya nu rek mangitungkeun teh heg teuing. Paling ge disebut euweuh gawe.

Jadi, mun kuring nyieun apologi mah meureun pedah sababaraha bulan ka tukang asa (api-api) sibuk. Sabenerna mah mun serius ngagawekeunna bisa rengse si gawean teh dina tempo saminggu ge. Ngan da dasar geus kabiasaan, hayoh we diengke-engke. Ti jaman kuliah keneh, nepi ka jaman ayeuna jadi kuli. Sigana memang geus waktuna nyieun target ka diri sorangan meh bisa katalingakeun progres kamajuan pagawean teh.

Urusan nunda-nunda ieu teh lain ngan dina gawean wungkul. Nu jelas mah ampir kabeh urusan aya we alesan keur ngaengke-engke teh. Rek mandi isuk-isuk, ah kagok keur ngopi. Beres ngopi weh mandina. Kopi beak, langsung manco hareupeun tipi. Bari jeung anduk geus nyampay na taktak. Kagok, namatkeun heula berita olahraga. Beres berita olahraga na tipi, langsung ngecek e-mail (anduk masih nyampay,.). kagok geus hareupeun komputer, maen heula PES sa-gim mah, lumayan. Terus weh eleh ku komputer, direstart deui pertandinganna nepi ka meunang pokona mah. Geus kitu kakara we asup kamar mandi. Jadi, ti saprak nyampaykeun anduk nepi ka mandina teh aya jeda waktu sajam satengah. Mandi-mandi jam ½ 8. nya wayahna, nepi kantor telat deui ge.

Eta kakara dina urusan mandi. Can asup kana urusan nu jauh leuwih penting ti eta, nyaeta dahar. Nepi ka loba nu keuna kasakit maag teh alatan elat dahar. Tuh... nunda-nunda hiji hal teh matak ngadatangkan madharat.

Kumaha hal nu leuwih penting deui. Kawin (ieu mah di luar konteks heureuy kawin jeung nikah.. :D). Alusna mah sih tong diengke-engke.. alusna cekeng ge bieu teh. Ulah nempo bari jeung katempo dina panon siga nu nanya ”naha maneh acan?”. Kan eta mah alusna. mun dibahas di dieu bakalan pililaeun, pinuh ku alesan jeung alesan wungkul. Hehehe... Cag ah.. bisi manjang urusanna.