Senin, November 24, 2008

quest for a dream job

sababaraha minggu ka tukang, nambahan pagawean teh. nyusun legalisiran ijazah jeung transkrip nilai, sanggeus saacanna nyieun skck jeung kartu kuning ka disnaker. betul sekali sodara-sodara... keur usumna penerimaan cpns di departemen-departemen jeung pemda-pemda. and i'm takin' any chances i've got. pan ceuk cenah mah carpe diem.. seize the day.. meungpeung aya kasempetan, engke mah biheung bakal aya deui. sanes kitu? saness.. (heuheu.. lss pisan.. asa longser..)

mimitina mah pedah dibejaan ku si uhe, dephub keur muka pendaftaran keur cpns. kabeneran harita teh keur aya di kodim, langsung we dicek ka website na. langsung we disiapkeun berkas-berkas nu dibutuhkeun, kabeneran aya waktu saminggu deui. nyieun skck, surat keterangan sehat, surat bebas narkoba, nyiapkeun pas photo, jrrd. teu sabaraha lila, datang deui info anyar, bmg ge keur muka lowongan. sakalian ajah itu mah.. dua cenah instansi nu didaptaran teh.. oh enya... hiji deui ketang, jeung ristek.

pas pengumuman hasil seleksi administrasi, dua lolos, nu ristek mah ka laut.. ahirna jalan-jalan ka jakarta keur ngilu tes bmg jeung dephub. nya.. sanajan duanana ge rada-rada teu nyambung jeung TA nu dipigawe, eta mah itung-itung babaledogan. sugan jeung sugan we.. walhasil.. duanana ge ka laut. da kitu tea ari teu jeung niat nu panceg mah. moal dibukakeun jalan keur ka dituna ge..

tah... ayeuna mah keur siap-siap tes nu deptan. ieu mah rada nyambung jeung TA.. heuheu... jadi malu.. piraku budak sipil judul TA na "analisis penentuan koefisien tanaman pada padi dengan sistem intensifikasi"? heuheu.. mun hayang aya mengpar-mengpar saeutik kana sipil mah kuduna ditambahan "dengan mempergunakan metoda kesetimbangan air thornthwaite yang dimodifikasi". ngan nya kitu tea... jadi panjang teuing judulna.. :D cocog pan keur gawe di deptan mah?

tapi ketang.. da ayeuna ge keur nungguan hasil tpa pt kai ieu teh.. mun lolos duanana, teuing rek nyokot nu mana can kapikiran keneh.. mun keur karier ngeunah di pt kai, mun nempo elmu mening ka deptan.. wah.. mun kieu mah mening nungguan hasil tesna weh.. bari istikharah, mudah-mudahan dipaparin nu pangsaena. amiin..




Minggu, September 21, 2008

desperately desperate..

unforgivable sinner...

it's just who i am...

Jumat, September 19, 2008

tinggal kahayang..

Hayang ka semeruu...
bisa teu nya?
load gawean memang ngurangan, ngan neang waktuna nu rieut teh.
jeung neang batur naekna oge...

baheula teu bisa teh pedah euweuh modalna (heu..)
ayeuna aya modalna, euweuh waktuna.

dem....

Rabu, September 10, 2008

along the way...

niat tinggal niat...
kahayang ng-up date blog jadina mah teu kaur prak.

ngan karasana ayeuna-ayeuna teh asa beuki beak waktu ku gawean.
jeung ulin jeun barudak kodim046 ketang.. heuheu..

ceuk cenah ieu mah..
pagawean siga kumaha ge bakal karasa hampang mun urang mikacinta pagawean eta.
eta nu can karasa teh...
well... sometimes life doesn't go as you've expected.

najan kitu, kawajiban angger kawajiban.
batur mah can tangtu bisa meunang kasempetan siga urang.
live these days to the fullest, tomorrow's another day...

alhamdulillah...
nuhun Gusti..

bismillah..
seja napak pilengkaheun..

Kamis, Agustus 14, 2008

kumaha deui tuda...

Peringatan keur nu sok api-api teu inget:

Begadang dapat menyebabkan kanker, serangan jantung, impotensi dan gangguan kehamilan dan janin.

heu..

Selasa, Agustus 12, 2008

stupify..

rarasaan mah da teu lila, teu macaan blog batur teh.
bieu kakara "leuleumpangan" deui..
naa... meni asa tinggaleun kieu.
sarumanget nulis yeuh...

heuheu..

Minggu, Agustus 10, 2008

ujug-ujug

sakitu geus lila teu posting, na sakalina rek posting jol euweuh ideu.
ngan lagu ieu ti tatadi mulek na sirah, hayoh we asa kadenge tuluy..
padahal geus lila teu ngadenge lagu ieu teh.
song op deu dey meureun nya ieu teh...


Sailing
christopher cross

Well, it's not far down to paradise, at least it's not for me
And if the wind is right you can sail away and find tranquility
Oh, the canvas can do miracles, just you wait and see
Believe me

It's not far to never-never land, no reason to pretend
And if the wind is right you can find the joy of innocence again
Oh, the canvas can do miracles, just you wait and see
Believe me

CHORUS:
Sailing takes me away to where I've always heard it could be
Just a dream and the wind to carry me
And soon I will be free

Fantasy, it gets the best of me
When I'm sailing
All caught up in the reverie, every word is a symphony
Won't you believe me?

CHORUS

Well it's not far back to sanity, at least it's not for me
And if the wind is right you can sail away and find serenity
Oh, the canvas can do miracles, just you wait and see
Believe me

CHORUS

Minggu, Juli 13, 2008

tos lami teu taeun...

asa geus lila pisan teu posting teh.
unggal rek posting, aya weh nu matak teu jadi teh.
teuing memang faktor-faktor nu ti luar nu matak teu jadi teh, teuing sabenerna mah pedah hoream. heuheu..

nya apapun lah...
nu jelas mah hasilna angger sarua. geus lila teu posting.


Jumat, Juli 04, 2008

obsesif kompulsif?

damn...
setelah sekian lama dapat ditahan, ahirnya bobol juga.

gara-gara kamari peuting iseng jalan-jalan, balik-balik jadina mawa bungkusan nu eusina jaket anyar. padahal di imah teh geus loba jaket, ti mimiti jaket keur huhujanan, jaket keur nerekel, jaket keur acara resmi, jaket organisasi, jaket gaya, jaket keur olahraga. eta teh masing-masingna teu ngan hiji... haduh... komo ayeuna teh keur nungguan jaket lss jeung jaket outsider 2 dikirim ka imah..


ah... sudah lah...
kumaha deui...

Rabu, Juni 25, 2008

don't even think to try this!! (bagean 2)

sanggeus nungguan rada lila di lss, torojol teh kang ade bari cungar-cengir.
"kumaha bieu di hareup? teu nanyakeun pulisina?", tanya kang james.
"hehehe... salamet lah. ngan budak lfm jadi korban", ceuk kang ade.
"jadi korban kumaha?", ceuk kuring panasaran.

jadi ternyata caritana teh kieu...
sanggeus uing asup ka kampus bari mawa motor tea nu caritana mah rek nyokot stnk ti jero (heuheu..), si pulisi teh diajak ngobrol ngalor ngidul ku kang ade. ti mimiti nu teu penting nepi ka masalah reformasi, demo-demo mahasiswa, bentrok mahasiswa jeung pulisi, rea lah...
pas keur ngobrol kitu, jol ngaliwat motor ditumpakan ku budak lfm rek asup ka kampus ti asrama rumah A (ayeuna mah jadi kantor telkom hareupeun albar). teu make helm...

"tuh, pa.. itu ga pake helm ko nggak apa-apa?", ceuk si kang ade ka pulisi tea.

diomongan kitu teh si pulisi langsung ngeureunkeun motor budak lfm nu ngaliwat tea.

"loh.. kenapa kita diberhentiin, pak? kan deket, cuman nyebrang jalan aja dari rumah A ke dalem kampus. ga akan ke mana-mana lagi ko..", ceuk budak lfm ka pulisi.
"wah, gimana ya? saya disuruh sama adek yang ini..", ceuk pulisi bari nunjuk ka kang ade.

ahirna budak lfm teh parea-rea omong jeung pulisi. keur kitu teh datang si novin, geus ti si ence.. nambahan deui nu parea-rea omong jeung pulisi teh. keur rame parea-rea omong kitu teh, si kang ade ngolesed ti riungan bari teu kecet-kecet. langsung ka lss..

sanggeus sabaraha lila, si pulisi teh nyadar oge.
"loh.. yang tadi mau ngambil stnk ke mana ya? yang bawa motornya juga pergi ke mana ini?", ceuk pulisi.
"wah.. ga tau pa.. udah ke dalem mungkin.", ceuk si novin.
"gimana nih? saya susul aja ke dalem..", ceuk pulisi ka si novin.
"waduh.. lebih baik jangan pa.. sekarang lagi jaman gawat pa. kalo ada apa-apa saya ga tanggung.. kemaren juga yang dicurigai intel di kampus abis sama mahasiswa pa..:, ceuk si novin bari rada nyingsieunan.

sigana si pulisi teh percayaeun oge kana omongan si novin teh. da manehannana teu jadi asup ka jero kampus. ngan ahirna, si motor budak lfm nu tuluy diproses. dibawa ka poltabes.
heuheuheu..

Jumat, Juni 20, 2008

tong bebeja ka sasaha nya...

sabenerna mah jadwal di kantor teh nepi jam 5..
tapi kopi ireng menunggu.
jadi, ya sudahlah...
heuheuheu...
beberes... beberes...

Kamis, Juni 19, 2008

hmm...

some things are better left unsaid..

it's harder than i thought
well,

it'll heal in times..

Rabu, Juni 18, 2008

don't even think to try this!!

kajadianna pas taun 98, basa kaayaan kampus keur harengheng keneh ku demo nurunkeun soeharto.
harita teh peuting kira-kira jam 8 an. biasa we keur di lss, da niat rek mondok. motor keur diinjeum ka cisitu ku kang asep nur jam** a.k.a. james, cenah mah rek ka t viesta di cisitu. boncengan tiluan nu make motor teh, james, ade ba**ng, jeung si mecky.
pas keur nongton tipi, james datang bari hariweusweus, "motor ditilang ku pulisi di tmn sari. gara-gara boncengan tiluan, padahal urang tiluanana geus make helm. (*jdang...*). ayeuna keur diproses di gerbang hareup. datangan jig, bisi kaburu dibawa ka poltabes..".
atuh, langsung muru ka gerbang hareup bari satengah lumpat.
datang ka hareup, enya weh.. ade ba**ng keur guntreng jeung pulisi. untung.. motor can kabawa ka kator pulisi. mun henteu bakal manjang urusanna.
"aya naon kang ade?", cekeng teh bari nyampeurkeun nu keur guntreng.
"nah.. ini pak, yang punya motornya.", ceuk kang ade ka pulisi.
"jadi ini motor punya adek? bisa liat surat-suratnya?", ceuk si pulisi teh.
"wah.. stnk nya di dompet pak. dompetnya di dalem tas. tasnya di ruangan unit di dalem, pak..", cekeng teh.
"wah.. gimana dong. kalo ga ada surat-suratnya motor ini terpaksa kami bawa ke kantor."
"wah... jangan gitu dong pak. kan surat-suratnya ada. biar diambil aja dulu.", ceuk ade ba**ng ka pulisi.
"ya udah. bawa dulu ke sini surat-suratnya. tapi cepet ya!".
"kalo cepet saya ga janji pak..", cekeng teh, "soalnya ruangan unitnya jauh di dalem.".
terus ade ba**ng nempas,"kalo gitu motornya dipake aja dulu buat ngambil stnk ke dalem biar cepet pak."
si pulisi mikir heula rada lila, tuluy ngomong "ya udah, pake aja. cepet ya!".
ahirna si motor teh dibawa ku uing ka jero kampus. langsung ka lss.
nepi ka lss, si kang james geus nungguan bari nyerengeh. "geus lah.. motorna da geus asup. teu kudu kaluar deui. barina ge pulisi mah moal wanieun asup kampus." heuheu... ahirna mah geus we.. teu kaluar deui ti lss. nungguan kumaha nasib ade ba**ng selanjutnya..
lajengkeuneun...

Selasa, Juni 17, 2008

candu legal..

damn...
sore ini kulewati tanpa secangkir kopi.
pantes asa rarieut kieu...

Senin, Juni 16, 2008

renungan (teu) gaya..

every things happen for a reason..
all will be clear when you have finished connecting the dots.
so...
never have regrets..

Senin, Juni 09, 2008

malam pertama

malam pertama di mabes bkg.. sorangan dong, pastinya.. soalna si abah teu jadi ka dieu.
tapi teu nanaon lah, salila aya koneksi internet mah.
heu...

Sabtu, Juni 07, 2008

Senandung Warna Bumi

Kakara balik nongton Cozy Street Corner, bareng jeung si erus. ti saung udjo teh langsung ka geka. haduh... malam mingguan jeung lalaki deui wae. Nu leuwih haduh mah si erus, pamajikan ditinggal-tinggalkeun. memang salah sahiji jebolan FCSN nu sukses. heuheuheu..

review paparan musik cozy 'senandung warna bumi' nu bieu ditongton?
ah.. sigana mah mening nungguan cozy ka bandung deui. meh nongton sorangan, soalna mun dituliskeun mah ngariweuhkeun uing wungkul. heuheuheu.... pokona mah pol lah. aya kamajuan dina masalah skill dibandingkeun paparan cozy nu 'detak nadi urat bumi' taun 2005 di selasar sunaryo mah. alus lah... sahenteuna si eta latihan tuluy. hehehehe..

hanjakal bieu teh teu mawakeun hmm.. jelang benam matahari.

berlompatan belalang di sela rumput segar
meliuk batang ilalang ikut irama bayu
semakin menggoda hati, duhai indahnya
membuat gerak kaki, semakin jauh melangkah
tuk lihat betapa elok senja ini

Sabtu, Mei 31, 2008

memang Homo Ludens...

kakara beres nginstall company of heroes: opposing fronts...
maenya nginstallna wungkul ge nepi ka 4 jam??
bantu aing, nang...
rek maen ge geus kaburu tunduh manten. geus tatadi sih tunduhna mah, ngan kagok nginstallna teu beres-beres.
bieu kaburu noong heula sakeudeung tampilanna..
memang edun lah... aya pengembangan ti nu kahiji mah. ngan jadina rada beurat kana kompie na.

okeh...
review gim na engke we lah...
mun geus dipaenkeun.
heuheu...

Kamis, Mei 29, 2008

tapi da uing mah cinta damai...

Heuheu...
ahirna, tadi latihan aikido deui sanggeus sataun satengah henteu. niat mah geus ti baheula rek latihan deui teh, ngan diengke-engke wae. jadi weh... sataun satengah tah kaliwat gara-gara nu kitu patut teh.
bieu mah bubuhan maksakeun, indit gawe ngahaja bari mekel baju latihan. mun teu kitu mah moal jadi-jadi meureun. pleng weh... teuing iraha bakal latihan deuina teh. sugan weh, ari geus dimimitian mah kahareupna bakalan mayeng.
meni asa sono, ngabanting jelema jeung dibanting jelema (hehehe... asa jadi masokis kieu). seriously... all you have to do is just following the flow of your motion and blend with the motion of your partner. such a nice fall.. (nyaan.. masokis ieu mah.. hehehe). sanajan isuk-isuk engke pasti nyareri awak, gara-gara geus lila teuing teu latihan.

mun ditempo deui ka tukang, asa jadi oportunis pisan di olahraga nu kararieu teh. geura nya, smp ngiluan ekskul taekwondo di smp 5 (nu di jalan sumatera 40 tea ning...). pas sma (ieu mah di cihampelas 173, nu aya tangkal karet badag..), ngiluan wushu di ggm nu di jl. merdeka. asup kuliah, sempet latihan keneh sababaraha kali. nepi ka tara latihan deui.. nu terahir teh aikido, lumayan ti taun 2005 eta mah. sempet eureun sataun satengah, tapi rek dimimitian deui. sugan we ayeuna mah bisa nepi ka jucung. minimal bisa latihan bari make hakama lah. heu...

lain teu hayang diajar sabangsaning cimande, cikalong, jeung sajabana. ngan ari nu kangaranan ulin atawa usik mah, mun urang geus nepi kana hiji tingkatan elmu, sok aya we sarat nu kudu dicumponan teh meh elmuna bisa kataekan ku urang. nya, pangpangna mah eta tea, mun ceuk kolot mah, moal bisa katurunkeun elmu teh lamun lain jodona mah. saruana jeung batu ali.
aya nu pernah ngabejaan, cenah di daerah ciroyom aya guru usik nu bener-bener weduk kana elmuna teh. kabita harita teh, rek didatangan hayang diajar. ngan pas ngadenge kudu puasa mutih heula saacan guguru, ah... kajeun bedo weh.. mening nu puguh-puguh olahraga, sanajan beresna nyareri awak ge... (curiga beneran boga potensi masokis...). terus ngadenge pangalaman emang urang pas baheula diajar cimande.. nya kitu tea.. teu jauh tina hal-hal nu gararaib.
sabenerna mah teu kabeh kitu meureun... teu nyaho da can pernah ngalaman diajar. aeh... pernah ketang basa sd.. ngan berahir dengan kenangan buruk... gara-gara sanggeus latihan si guru na teh mere kertas nu eusina aksara arab. merena teh ka uing wungkul deuih, bari ngomong, "ieu dipapatkeun saacan urang neunggeul jelema pas gelut. dijamin, sakali ge langsung nambru." tapi aya buntutan kalimahna teh, "bacaan ieu teh kudu dibaca unggal poe jumaah 100x, terus pas poean wedal urang dibacana 1000x." sangeuk teuing... balikna langsung dipiceun we si kertas teh, jeung tara datang latihan deui. sigana gara-gara eta oge trauma embung diajar usik deui teh.. sanajan nu bener-bener ngolah awak jeung napas wungkul ge aya, da geus kaburu hoream tiheula.

ah... sudah lah...
ayeuna mah latihan deui we nu bener, meh awak teu beuki melar deui. heuheuheu....

hai dozo..

Selasa, Mei 27, 2008

For Your Eyes Only

mun teu rohto,
nya insto,
atawa boorwater..

hadah...

Senin, Mei 26, 2008

sd.. oh sd...

Poe minggu kamari teh asa rareuwas. aya tamu nu teu disangka-sangka datang ka imah. babaturan sd. teu kudu disebutkeun harita teh can mandi da teu penting eta mah. hehe...
kuduna mah teu kudu reuwas meureun. tapi da terahir kadatangan babaturan sd ka imah teh basa smp. kelas 1 eta ge. eh ketang... henteu oge sih. sempet aya nu datang ka imah, tapi ngan ngadon nanyakeun tukang airbrush nu di deukeut imah. damn, sugan teh aya naon...

mun dipikir-pikir deui, ti kelulusan sd nepi ka ayeuna teh geus 18 taun. heuheu.. teuing tah beungeut babaturan sd teh siga kumaha ayeuna. kamari ge kalinglap pisan. mun teu nyebutkeun ngaran mah waktu teh beak dipake nginget-nginget saha tamu nu datang teh. heuheuheu..

jadi aringet deui we kajadian basa sd teh. gelut mimiti (jeung sakali-kalina eta ge ketang, gelut deui teh sanggeus make jaket ijo hms, pas wisudaan...), resep ka awewe mimiti (heu...), dipalak mimiti (hadah..), loba lah... ngan keur uing mah asa loba pohona pangalaman pas sd teh tibatan ingetna.

aeh, ketang... lain pas jaman sd wungkul loba pohona teh. pas smp ge loba nu kapohokeun ayeuna teh. nu rada loba teh memori pas sma we... heuheuheu.. memang kitu nya? atawa batur mah henteu?

nu pangingetna kajadian basa sd teh basa ka ulang taun babaturan di cijerah. datang teh panggancangna, can aya sasaha. ah, bari nungguan nu lain geus we ka imah babaturan hiji deui di pharmindo. rek ngajakan indit bareng tadina mah. datang ka ditu, manehna can mandi. bari nungguan mandi, maen nintendo heula. beres mandi, ai pek teh, babaturan nu di pharmindo teh teu meunangeun indit ku indungna. ari uing, kagok keur resep, terus we maen nepi ka sore. ka ulang taun babaturan uing mah teu jadi. padahal geus datang pangheulana ka imahna teh. heuheuheu... dasar...

Kamis, Mei 22, 2008

Nyem... nyem..

Ngantor keneh wayah kieu, brur...
wew...

komputer hurung, tapi panon mah kana final champion.
heu...

hayang sare, tapi pikiran mah kumalayang ka anjeun.
yauw...

yu ah, kabur heula ka lss.
hahaha...

Selasa, Mei 20, 2008

Cozy...

IHHII..RR..., PRIKITIW.., HURSEE..H, CIHUY.., dll, dll...

kamari meunang beja ti neng viky (adi ipar urang btw...), tanggal 7 Juni 2008 bakalan aya deui Paparan Musikal Cozy Street Corner di Saung Udjo.
hehehe.. poho.. can arapal meureun nya ka cozy street corner.
jadi kieu...

sabenerna mah da teu kahaja bisa ngawenehan musik cozy street corner teh. baheula (teu baheula2 teuing sih... taun 2002 an lah) basa jalan-jalan ka toko kaset di gigireun foto seruni di jl. merdeka (terahir ngaliwat mah, geus jadi toko busana muslimah di dinya teh..), biasa harita teh keur hunting kaset. teu kahaja, pas di bagian kaset indonesia aya kaset nu warna latar coverna teh beureum, terus hareupna gambar bentuk-bentuk dasar warna-warni. di luhurna aya tulisan cozy street corner, terus di bagean handapna aya tulisan nirmana.
panasaran, harita teh dibeuli weh si kaset teh. hehehe, da kabeneran harita keur resep gambling meulian kaset band indonesia nu teu warawuh, sugan weh ngeunaheun.. nya, aya nu emang ngeunaheun, aya nu kakara ngadenge intro lagu kahijina wae ge geus kaburu enek.. heuheuheu.. gara-gara teu bisa didengekeun saacan dibeuli ta teh. dasar toko kaset kapitalis...
nepi ka imah, langsung disetel... jreng!! ti harita langsung kaset eta ditempatkeun dina list 'a must have' ka babaturan-babaturan nu lain (geus manggihan kaset eta, rus?). pokona mah harmonisasi gitar jeung vokal ti 3 personil na masup pisan lah... ternyata, si nirmana teh album kadua ti maranehna. neang album kahijina, teu manggih-manggih di mamana. neang ka internet, ngan dijual di jakarta ternyata. damn...

Nepi ka ahirna aya Paparan Musikal Cozy Street Corner taun 2005 di Selasar Sunaryo (eta ge dibejaan ku neng Viky, bari sakalian dibere tiketna heuheuehue..) nu diayakeun ku wwf jeung official radio partner sky fm, tempat neng viky digawe. eta paparan musikal nu pertama jeung terahir nu katongton. jeung ahirna bisa meunang album kahiji teh pas di dinya oge. ahirna...
di dinya kakara apal, lagu 'hutan hujan' jadi official song WWF Indonesia. wew... tapi angger, lagu favorit ti album nirmana mah 'delman', jeung 'hmm... jelang benam matahari'.

ti harita, pleng weh... euweuh berita rek maen deui di bandung. nepi ka pas pasar seni itb, nempo daftar band nu bakalan manggungna, aya cozy... kudu nongton deui... ternyata, pas maen di pasar seni itb, keur teu bisa datang... damn lagi...
mudah-mudahan tgl 7 juni keur di bandung, sugan dibere kasempetan keur nongton. sono nempo paparan musikal na, soalna leuwih karasa pas live tibatan kaset na mah..
aya nu rek nongton bareng??

bisi panasaran, sababaraha lagu tina album nu terahir 'from the corner', bisa didengekeun di dieu.

Jumat, Mei 16, 2008

Turun Gunung

geus euweuh deui rasa kaduhung,
geus diecagkeun sagala katugenah,
mapay jalan nu kamari diliwatan
matak nineung.


to climb a mountain is to conquer ourselves..
got alot to learn.

Senin, Mei 12, 2008

Pegawai Teladan..

Damn...
Piraku wayah kieu di kantor keneh??

yasud... nga-blog saja lah..
heuheuheu...

Di Pos 3...

Peralatan... OK!
Persiapan... hmmm...OK lah!
Ransum... OK!
Berangkat. nepi di pos pendaftaran pendakian, ngabereskeun administrasi... OK!
Perjalanan naek ka puncak, lancar. cuaca cerah... OK!
Di Pos 2, angin mimiti ngagelebug tarik. langit ceudeum... oh.. okay...
Di Pos 3, hujan badag. istirahat heula di shelter pos 3... oh.. okay...
Pas rek berangkat ti pos 3, ternyata disambut ku badai. teu mungkin pendakian dilanjutkan. hmmm...

tilu pilihan.
maksakeun naek ka puncak harita keneh, turun deui ti pos 3, atawa nungguan badai mereda(badai pasti berlalu... hadah!) kakara nuluykeun deui ka puncak.

maksakeun naek langsung ka puncak, sigana moal pibenereun. teu nyaho kondisi alam siga kumaha, salah-salah ngadon urang nu cilaka. jeung teu pati apal deuih rute pendakianna, komo pas aya badai mah. keur mah bieu ceuk penjaga teh gunungna kakara dibuka keur pendakian deui saenggeus kamari-kamari badai wae. ngan pedah geus sababaraha poe rada caang jeung deuih waktuna pas jeung waktu uing datang. jadi we dicobaan dibuka deui . wah.. mun cilaka ayeuna gara-gara badai, paurna ke si gunung teh ditutup deui. teuing nepi iraha. uing embung mun nepi ka kitu kajadianna. aya rasa handeueul saeutik, naha teu tatanya. minimal nyiapkeun peta jeung kompas lah. rumasa, rada rusuh pas deuk indit teh. geus teu sabar hayang geura nepi ka nu dituju. jadi poho ka motto uncal : terekel santey; kalem weh... da puncak mah moal ka mamana ieuh; salengkah luak-lieuk, nikmati pemandangan jeung perjalanan; heuheuheu... loba ning motto na teh..

turun deui ti pos 3, eta nu paling aman. ransum cukup keneh, geus nepi ka handap mah kari neangan deui gunung nu keur teu diterpa badai. kabeneran aya sababaraha gunung nu deukeut dinya teh, jeung cenah mah pemandangan ti puncakna leuwih alus. tapi masalahna mah, geus kaburu resep ku pemandangan salila di jalan jeung jalur pendakian di gunung ieu teh. asa endah, matak tiis tetempoan, matak tingtrim hate. bisi ke matak jadi penyesalan seumur hidup, can tangtu meunang kasempetan deui pikeun ka dinya. ari jalur pendakian, alus pas di handap mah. mulus, siga nu dihotmix wae (heu.. euweuh gawe ngahotmix gunung..). di tengah jalan weh, pas leupas ti pos 2 mimiti rada beurat jalur teh. kudu ngarayap, ngaliwatan tangkal rugrug nu malang ka jalan... sigana mah ti pos 3 ka puncak teh jalurna bakalan leuwih beurat deui. komo bari jeung keur badai siga kieu. moal bisa diliwatan sigana mah.

nungguan badai berlalu kakara nuluykeun perjalanan, rek nepikeun ka iraha? ari niat ti handap mah hayang jeung kudu nepi ka puncak. geus kabayang endahna sunrise ti puncak, awan nu aya di handapeun urang.. pokona mah.. prikitiw lah.. anjroo..y ceuk barudak baheula mah. ngan nu jadi masalah teh cuaca mah teu bisa diprediksi, badai teh bisa lila bisa oge gancang. sukur mun gancang, pas keur kabagean nu lila? mangkaning kawates ku ransum. moal mungkin ditungguan saeureunna mun badaina lila teh. sanggeus diitung-itung, perkiraan mah si ransum teh cukup keur 2 poeeun mah, eta teh teu kaasup cadangan rangsum keur turun. ah.. rek ditungguan we heula nepi ka beak ransum. da ngan saukur bisa ngadoa badaina bisa eureun saacan si ransum beak. geus lah.. ayeuna mah nungguan we di jero tenda. cilaka mun sering-sering teuing ngecek cuaca di luar, bisa-bisa kabaseuhan. dicobaan nolol saeutik rek nempo kaluar teh, jadina malah kasebrot ku cihujan. heuheuheu... ya sudah lah.. geus eureun badaina mah kanyahoan meureun ti jero tenda ge. kari nungguan we, mun geus ditakdirkeun nepi ka puncak mah si badai ge bakalan eureun sorangan.

well, i've made up my mind.. all i can do now is pray.

Minggu, Mei 11, 2008

hirup.. hurip..

Ulah hariwang ku nu can kasorang,
tong kaduhung ku nu tos kalangkung.

just a reminder for myself

Rabu, Mei 07, 2008

PR (meh sarua judulna.. hehehe..)

Beunang euy... Kasenteg ku anggun, kudu nuliskeun 8 fakta ngeunaan diri pribadi. Teu nanaon lah, urang tuliskeun we (tadina rek nulis urang cobaan, tapi teu bisa, gara2 postingan saacanna. hehehe)

8 Fakta ngeunaan Ihsan Naufan :
1. 162 cm (dina SIM)/ 60 kg
2. teu bisa gondrong (mun gondrong buukna siga singa..)
3. pecinta kopi aroma jenis arabika (mocca, toraja, aceh, jawa, ntt, dsb. asal arabika.)
4. selalu pake calana bermuda mun di imah.
5. panon -3.25 silindris - 0.5
6. boga koleksi kaset 256 siki jeung cd 151 keping. hasil kukumpul salila 12 taun. nu cd mah lolobana bajakan, meuli di kota kembang. hahahaha... mun nu kaset mah original kabeh.
7. keur hayang pisan meuli laptop jeung kamera nikon d-70 atawa canon eos d-450.
8. single!!! hahahahaha... sakalian promosi...

beres tah ngun...

Selasa, Mei 06, 2008

Nyeri Hate? Nyeri Huntu?

Mun ceuk Meggy Z mah mening nyeri huntu tibatan nyeri hate, ceuk uing mah mening keneh nyeri hate. Naha? Ah, hayang we atuh. Mun ditanya alesanna mah kieu yeuh..

Nyeri hate

Gejala: teu puguh rarasaan, jol ambek mun nempo jelema nu nyababkeun urang nyeri hate, teu ngeunah dahar, teu ngeunah sare, hate karasa nyanyautan (hadah!), pikiran teu bisa fokus, hayangna teh curhat ka sasaha, jrrd.

Penyebab: teu singkron antara pangharepan urang ka hiji jalma jeung sikap nu ditembongkeun ku manehna.

Ubar : pasrah, berserah diri ka nu Maha Kawasa.

Nyeri huntu

Gejala : gugusi karasa nyanyautan, teu ngeunah dahar, pikiran teu bisa fokus, ambek-ambekan sorangan.

Penyebab: huntu bolong, gigi bungsu nu tumbuh tak sempurna.

Ubar: nginum ubar, ka dokter (ditambal nu bolongna), cabut gigi bungsu

Tuh nya.. jaman ayeuna tea biaya ka dokter teh geus sabaraha. Acan mun gigi bungsu kudu dicabut. Kamari wae ge operasi minor keur nyabut gigi bungsu teh beak nepi ka 1.2 juta. Can keur ubarna, can keur meuli eskrim meh rada baal si urut operasina (heheh.. eta mah alesan wungkul, da sabenerna mah keur hayang eskrim we harita teh). Acan penderitaan disuntik 5 kali saacan dioperasina. Tambah 2 kali deui pas operasi, da karasa keneh rada nyeri.(Haduh!). Acan sanggeus baalna leungit, karasa pisan nyeri urut operasi teh.

Nggeus lah,. pokona mah mening nyeri hate tibatan nyeri huntu mah. Ubarna ge bisa meunang bonus pahala deuih. Soalna ayeuna mah nu aya na pikiran uing, kumaha carana supaya nyeri huntu nu karasa ayeuna teh bisa ngaleungit. Haduuu..h...

Sabtu, Mei 03, 2008

Westing Taim...

Keur di Barcode...
westing taim..
siga malam mingu-malam mingu saacan ieu.

Senandung Rindu

Tohpati feat Putu Sutha

Aku bernyanyi di dalam hati
Senandung rindu, kepadamu.. pujaanku
Bilakah nanti kau kan mengerti
Maksud hatiku untuk saling memiliki

Aku ingin... rasa indah kan hadir untukku
Meluluhkan mimpi-mimpi
Tak berhenti jiwa ini menanti dirimu
Berjanji setia padamu dalam setiap detikku

Tuhan tolonglah... buka hatinya
Agar kudapat... bahagia bersamanya
Tak kuingkari dia tlah sendiri
Tapi ku tau apa yang tlah dia rasakan


Lagu geus dimodifikasi saeutik meh rada masup...
Heuheuheu..

Jumat, Mei 02, 2008

Bantu aing, Nang...

Ahirna… ka tangerang deui sanggeus ditunda sababaraha minggu. Biasa lah, urusan pagawean nu can beres. Saminggu di tangerang lumayan lah, nambahan hideung nu jelas mah. Untungna nu ayeuna mah euweuh kajadian nu matak bibirigidan. Teu jiga pangalaman basa munggaran datang ka Tangerang.

Jeung deuih, kajadianna teh dina waktu sapoeeun. Piisukeun kuring balik ka Bandung. Niatna mah harita teh rek ka muara Kali Tahang make motor. Rek nempo kondisi muara jeung walunganna sakalian. Tah, ka muara teh aya dua jalan nu ngapit si walunganna. Ti jalan gede ka muara teh kudu mapay-mapay walungan eta. Ku sabab aya dua jalan, harita teh kuring milih jalan nu perenahna di beh kencaeun walungan, sabab kacirina si jalan eta leuwih alus tibatan jalan nu beh katuhueun walungan. Ternyata oh ternyata… jalan alus teh ngan ukur sakiloan lah, ka dituna teh leutak wungkul jeung rada bau deuih. Harita mimiti curiga, naha make jeung aya urut ban nu make belt siga roda tengwaja tea ning. Tapi da geus kagok asong, dituluykeun weh bari jeung berjuang milih pijalaneun meh motor teu tibelesek kana leutak.

Beuki lila si leutak teh beuki minuhan jalan. Nu tadina ngan saukur di tengah jalan, ayeuna mah jalan teh leutak wungkul. Jeung beuki kandel deuih. Nu leuwih parah deui, si leutak teh beuki bau runtah. Mimiti curiga harita teh… sajajalan kapaksa tetempoan diancokeun ka jajalaneun, da kudu milihan jalan tea. Pas kaambeu harita aya melenghir bau runtah, kuring ngeureunkeun motor heula tuluy nempo ka hareup. JRENG… ai pek teh si jalan nu dipilih bieu jalan keur treuk nu ngakutan runtah ka tempat penampungan runtah. Kenca katuhueun jalan teh gunung runtah nu jangkungna kira-kira 5 meteran. Di tengahna jalan leutak nu caina tina gunung runtah eta. Mun maksakeun ngaliwat ka dinya, daek teu daek si motor pasti ngabelesek. Suku pasti kudu nahan, hartina si suku kudu bebelesekan kana leutak runtah eta. SANJII..K,

Rek balik deui ka jalan nu bieu, geus kagok. Ka panto kaluar ti penampungan runtah teh kari 200 meteran deui. Mun balik deui, keur mah euweuh lolongkrang keur muterkeun motor (da geus ngabelesek tea) katurug-turug harita teh geus ceudeum. Paur kaburu hujan mun muter deui teh. Nya nggeus harita the lahaola weh, si motor teh dipajukeun. Bener weh, kakara ge sababaraha meter, si motor geus hese maju. Kudu dibantuan make suku meh maju. Kapaksa harita si suku dikorbankeun meh motor bisa maju deui. Alhamdulillah, tungtungna mah kaluar oge ti tempat eta. Jalan kaluarna teh nyambung jeung jalan nu butut nu beh katuhueun jalan eta ning. Haduh, salah milih jalan..

Kaluar ti tempat runtah bieu, kuring langsung ka walungan rek ngumbah suku nu geus bobolokot pinuh ku leutak runtah. Sanajan cai walungan eta ge geus teu mangrupa, kapaksa kuring kukumbah di dinya. Rek kumaha deui coba? Sanggeus bebersih, tuluy kuring nuluykeun maju deui nuju muara Kali Tahang eta bari mapay-mapay Kali tahang. Ai pek teh, teu sabaraha jauh ti tempat kuring ngumbah suku, ngajajar bangunan-bangunan di sisi walungan eta. Teg, asa teu ngeunah hate, Bener we, ti salah sahiji bangunan eta jol aya nu nyeuleungkeung sora awewe, “Bang, mampir dong,”, SANJII..K, lokalisasi (eufimisme tina tempat palacuran), Bantu aing Nang…

Haduh… poe eta mah asa teungteuingeun,

Kamis, Mei 01, 2008

aya nu apal?

Jol Kaingetan lagu nu lirikna kieu

Why don't you tell me where it hurts now baby
and I'll do my best to make it better

aya nu apal judul jeung penyanyina?

May The Force be With You

Bieu pas kaluar ti kamar, tuluy nongton tipi, pas pisan keur adegan Master Yoda mapatahan ka si Luke Skywalker basa rek ngangkat kapalna nu tilelep ka jero ranca make The Force.

“Try not! Do! … or do not! There is no try.”

Asa balik deui ka jaman mimiti nongton Star Wars V. Adegan ieu geus direwind sabaraha kali mah. Asa resep ngadengena. “Tong nyobaan! Pigawe! … atawa henteu sakalian. Euweuh ti dituna nyobaan mah.” Edan teu tah omongan si Master Yoda teh. Jero pisan…

Nya mun ceuk urang mah intina teh tong satengah-satengah dina ngalakonan hiji hal. Mun urang geus yakin kana hiji hal, pigawe urusan eta. Ulah mikiran kumaha hasilna, da urang mah ngan saukur bisa usaha wungkul. Nu nangtukeun hasilna mah anging Allah SWT, kabeh ge geus pada nyaho. Mun urang ngan saukur nyobaan, hartina urang ngagawekeunna ngan satengah hate. Dina hasilna oge, tangtu moal nyugemakeun. Jadi, lamun ceuk Eddie Brickell "Shooting rubberband at the moon", hartina si karet geulangna kudu sagede alaihim, dicantelkeun kana tangkal nu leuwih alaihim deui, dibetotna make dozer nu leuwih alaihim ti dinya. Kakara tah, aya harepan si karet geulang teh bakal nepi ka bulan. Tapi mun hayang nu leuwih gampang mah, si karet geulang teh cepretkeun ka jero kapal nu rek ka bulan. Dijamin...

Ngan nu leuwih penting ceuk kuring mah kayakinan saacan urang nyokot putusan yen ieu kudu dipigawe. Jeung mana nu kudu leuwih diheulakeun. Da hirup mah ngeunaan pilihan-pilihan jeung ngajalanan pilihan eta. Seriously!!

Alusna ieu mah

Mun diitung-itung ti postingan nu terahir, geus moal kaitung mun ngitungna make ukuran menit. Kaitung sih, ngan hoream kuring mah ngitungna. Mun aya nu rek mangitungkeun teh heg teuing. Paling ge disebut euweuh gawe.

Jadi, mun kuring nyieun apologi mah meureun pedah sababaraha bulan ka tukang asa (api-api) sibuk. Sabenerna mah mun serius ngagawekeunna bisa rengse si gawean teh dina tempo saminggu ge. Ngan da dasar geus kabiasaan, hayoh we diengke-engke. Ti jaman kuliah keneh, nepi ka jaman ayeuna jadi kuli. Sigana memang geus waktuna nyieun target ka diri sorangan meh bisa katalingakeun progres kamajuan pagawean teh.

Urusan nunda-nunda ieu teh lain ngan dina gawean wungkul. Nu jelas mah ampir kabeh urusan aya we alesan keur ngaengke-engke teh. Rek mandi isuk-isuk, ah kagok keur ngopi. Beres ngopi weh mandina. Kopi beak, langsung manco hareupeun tipi. Bari jeung anduk geus nyampay na taktak. Kagok, namatkeun heula berita olahraga. Beres berita olahraga na tipi, langsung ngecek e-mail (anduk masih nyampay,.). kagok geus hareupeun komputer, maen heula PES sa-gim mah, lumayan. Terus weh eleh ku komputer, direstart deui pertandinganna nepi ka meunang pokona mah. Geus kitu kakara we asup kamar mandi. Jadi, ti saprak nyampaykeun anduk nepi ka mandina teh aya jeda waktu sajam satengah. Mandi-mandi jam ½ 8. nya wayahna, nepi kantor telat deui ge.

Eta kakara dina urusan mandi. Can asup kana urusan nu jauh leuwih penting ti eta, nyaeta dahar. Nepi ka loba nu keuna kasakit maag teh alatan elat dahar. Tuh... nunda-nunda hiji hal teh matak ngadatangkan madharat.

Kumaha hal nu leuwih penting deui. Kawin (ieu mah di luar konteks heureuy kawin jeung nikah.. :D). Alusna mah sih tong diengke-engke.. alusna cekeng ge bieu teh. Ulah nempo bari jeung katempo dina panon siga nu nanya ”naha maneh acan?”. Kan eta mah alusna. mun dibahas di dieu bakalan pililaeun, pinuh ku alesan jeung alesan wungkul. Hehehe... Cag ah.. bisi manjang urusanna.

Kamis, Januari 10, 2008

Naha?

Naha make jeung nyieun blog dina Basa Sunda? Kitu meureun nu aya pikiran nu muka blog ieu. Eh, ketang…. Boa enya boa henteu. Eta mah nu kabayang ku kuring mun muka blog batur nu make Basa Sunda oge. Minculak ti batur. Tapi da barina ge lain blog ieu wungkul nu make Basa Sunda teh.. meureun.. hehehe…. Boa loba pisan blog dina Basa Sunda teh, ngan hanjakal teu apal..

Balik deui kana naha.. nya da sabenerna mah pedah bahasa nu mimiti dipikawanoh ku kuring nya Basa Sunda eta. Ti leuleutik geus dibiasakeun make Basa Sunda, nepi ka mun make Bahasa Indonesia ge angger we sok aya Basa Sundaan nyelap saeutik. Kitu wungkul da. Henteu ari nepi ka boga pipikiran haying ngamumule Basa Sunda, pedah ceuk cenah Basa Sunda teh kaasup bahasa nu bakal leungit ti dunya ieu teuing taun sabaraha. Nya, aya sih saeutik pikiran ka dinya. Saeutik.. hehe. Rumasa da beuki kadieu teh Basa Sunda nu dipake ku sadirieun beuki jauh tina tetekon nu samistina. Boa lain ngamumule, tapi malah ngaruksak basa. Nu matak ateul ceuli ka kaom pinisepuh jeung ahli basa. Ah keun lah… Barina ge siga ceuk slogan pagelaran ka-1 LSS ITB, Kami lain rek nyanyahoanan, kami mah ngan saukur boga kahayang.

Ayeuna naha blog ieu bet dingaranan angobbabalagonjangan? Angob teh sarua jeung heuay. Ari babalagonjangan teh ceuk kamus Basa Sunda kenging R. Satjadibrata hartina nyoba-nyoba nanyakeun perkara penting, nyoba-nyoba nawar. Nya kitu deui blog ieu. Ari kahayang mah blog ieu teh jadi hiji babalagonjangan ti kuring kana sagala perkara sanajan bari heuay. Perbawa nu geus tunduh biasana sok sabulangbentor ari nyarita. Perkara rek ditarima nya sukur… teu ditarima nya kajeun. Da urang boga pamikiran sewang-sewangan, kumaha kasang tukang urang oge gumantung kana cara nempo hiji masalah. Hadah.. jadi seurieus kieu. Hampura… can waktuna.. heuheuheu.. Tadina mah si blog ieu teh rek dingaranan sabulang bentor, da asa leuwih merenah. Tapi geus aya nu make, sanajan bari kosong keneh can dieusian nanaon. Ning perkara mere ngaran blog wae ge kudu paheula-heula, sugan teh ngan daptar jadi pengawas ujian jeung nyatakeun wungkul nu paheula-heula teh. Curigana mah loba keneh nu kudu paheula-heula salila urang hirup teh…